Sajak teh nyaeta karya sastra wangun
Pertanyaan
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Sajak teh nyaeta karya sastra wangun ugeran atawa puisi. Jadi, sajak teh, boh sajak Sunda boh sajak basa lianna, kaasup kana wangun puisi. Aya sawatara rupa puisi Sunda nyaeta saperti sajak, guguritan, sisindiran, pupujian, mantra, wawacan jeung carita pantun. Ditilik tina eusina, aya dua rupa puisi Sunda, nyaeta puisi anu eusina mangrupa carita jeung puisi anu henteu mangrupa carita.
Pembahasan
Sajak, guguritan, sisindiran, pupujian jeung mantra teh kaasup kana puisi Sunda anu esuina henteu mangrupa carita. Sedengkeun wawacan jeung guguritan kaasup kana puisi Sunda anu eusina henteu mangrupa carita.
Salian ti eta, sajak kaasup kana puisi Sunda anu henteu kaiket ku aturan, saperti oge mantra jeung pupujian. Sedengkeun conto puisi Sunda anu kaiket ku aturan nyaeta saperti wawacan jeung guguritan. Wawacan jeung guguritan kaiket ku aturan pupuh.
Dina awalna mah sajak teh henteu pati diaku bisa asup kana puisi Sunda, dina awalna aya anu pro jeung kontra kana asupna sajak dina puisi Sunda. Anu kontra kana sajak nyebutkeun yen sajak teu bisa asup kana puisi Sunda sabab sajak teu kaiket ku aturan.
Sedengkeun anu pro kana sajak nyebutkeun yen dina puisi Sunda oge geus aya puisi anu teu kaiket ku aturan. Malahan sabenerna umpama ditilik tina rumpakana mah kawih oge kaasup kana puisi Sunda anu henteu kaiket ku aturan. Kiwari mah sajak geus kaasup kana bagean tina puisi Sunda.
Pelajari lebih lanjut
- Harti sajak brainly.co.id/tugas/7511385
- Sajak dina sastra Sunda brainly.co.id/tugas/14392009
- Kauger ku naon bae ari sajak teh brainly.co.id/tugas/10071457
__________
Detil Jawaban
Kelas : VII
Mapel : Bahasa Sunda - Sajak
Bab : 6
Kode : 7.13.6
Kata Kunci : Sajak Sunda, puisi Sunda