B. Daerah

Pertanyaan

tuliskeun sajak nu judulna "Lebaran"

1 Jawaban

  • Lebaran

    Peuting ieu urang manggih deui kaendahan
    Saban layung ngahibaran pakarang
    Urang anteng neuteul ka jauhna
    Ngeunteupkeun ieu panon sajauh-jauhna

    Ti tajug ka tajug
    Galindeng takbir taya reureuhna
    Urang ge milu ngarenghap
    Milu kedal
    Milu nyebut : Allohu Akbar

    Sabaraha lebaran nu ku urang geus disorang
    Sabab asa cikeneh leungeun urang patarema
    Kamari geus lesot deui
    Terus patarema deui

    Poe ieu urang rek naon
    Sabada keretas dikumbah deui
    Disucikeun ku idul fitri
    Tapi urang bangun baluweng
    Rek kumaha nulisanana
    Naha rek kawas kamari?

Pertanyaan Lainnya