B. Daerah

Pertanyaan

conto 10 kecap rajekan dwi madya dan dwi rèka

1 Jawaban

  • Kecap rajekan nyaeta kecap anu disebut dua kali atawa dirajek boh engangna boh wangun dasarna. Salian ti dirajek boh engangna boh wangun dasarna, aya oge kecap rajekan anu ditambahan ku rarangken, boh ditambahan ku rarangken hareup boh ditambahan ku rarangken tukang.

    Aya sawatara rupa kecap rajekan, nyaeta anu disebut Kecap Rajekan Dwipurwa, Kecap Rajekan Dwimadya, Kecap Rajekan Dwilingga, sarta Kecap Rajekan Trilingga. Kecap rajekan dwirekakaasup kana kecap rajekan dwilingga.  

    Pembahasan

    Kecap Rajekan Dwipurwa nyaeta nu dirajek engangna atawa suku katana, Kecap Rajekan Dwimadya nyaeta anu dirajek engang tengahna, Kecap Rajekan Dwilingga nyaeta anu dirajek wangun dasarna bari teu ngarobah sora (Dwimurni) jeung anu dirajek wangun dasarna bari ngarobah sora (Dwi reka), sarta Kecap Rajekan Trilingga nyaeta anu dirajek atawa disebut tilu kali wangun dasarna.

    Di handap nyaeta conto kecap rajekan dwimadya jeung kecap rajekan dwireka:  

    A. Conto kecap rajekan dwimadya

    1. sapeupeuting
    2. saiimah
    3. salelembur
    4. sapopoé
    5. sababaraha
    6. sabeubeurang
    7. sajajalan
    8. sarerea
    9. sakakarung
    10. sadudulur

    B. Conto kecp rajekan dwireka

    1. pulang-pelong
    2. luak-lieuk
    3. tual-toel
    4. cubak-cabok
    5. tunggal-teunggeul
    6. tujang-tajong
    7. sura-seuri
    8. pungkal-pengkol
    9. gual-geol
    10. gutak-gitek

    Pelajari lebih lanjut

    • Naon anu dimaksud kecap rajekan https://brainly.co.id/tugas/13598682
    • Conto kalimah tina kecap rajekan https://brainly.co.id/tugas/948238
    • Kecap rajekan nu merenah dina kalimah https://brainly.co.id/tugas/16619360

    __________

    Detil Jawaban

    Kelas : VII

    Mapel : Bahasa Sunda - Paguneman

    Bab : 1

    Kode : 7.13.1

    Kata Kunci : Kecap rajekan

Pertanyaan Lainnya