B. Daerah

Pertanyaan

Naon nu disebut adegan lahir dina rumpaka kawih

1 Jawaban

  • Kategori Soal : Bahasa Sunda - Kawih

    Kelas : VIII (2 SMP)

    Pembahasan :

    Anu dimaksud adegan lahir dina rumpaka kawih nyaeta unsur-unsur tema, suasana, imaji, simbol, sarta pilihan kekecapan anu merenah jeung endah saperti kekecapan anu ngandung wirahma, murwakanti jeung gaya basa. Kawih nyaeta lalaguan Sunda bebas anu henteu kaiket ku aturan.

    Aya sawatara rupa lalaguan Sunda, nyaeta kawih, kakawihan jeung tembang. Ditilik tina rumpakana, kawih, kakawihan jeung tembang teh kaasup karya sastra dina wangun puisi. Kawih jeung kakawihan mangrupa wangun puisi anu henteu kaiket ku aturan. Sedengkeun tembang nyaeta wangun puisi anu kaiket ku aturan, nyaeta aturan pupuh.

    Kata Kunci : Adegan lahir, rumpaka kawih

Pertanyaan Lainnya